Rabu, 26 Januari 2011

PUISI


PANGNYEKAKEUN CIMATA GURU

Deudeuh teuing nu diapi lain
Panglenyepankeun ku hate jeung lelembutan
Panglenyepankeun ku rasa jeung rumasa
Saha nu baheula ngajar ngeja jeung maca,saha nu baheula ngajar ngitung jeung raraban
Saha nu baheula ngajarkeun alif, ba, ta… nu baheula ngajarkeun asih jeung kaheman
Saha nu baheula ngajarkeun hirup jeung kahirupan

Deudeuh teuing nu diapi lain
Nu baheula sok digugu jeung ditiru, nu dihormat didama-dama
Nu baheula dipikaasih dipikaheman, kiwari kabangbalerkeun kapopohokeun
Katuruban ati pajabat katincak sapatu raja

Deudeuh teuing nu diapi lain
Mun teu aya guru presiden moal bisa maca, mun teu aya guru rek saha nu jadi bupati
Mun teu aya guru naon bedana manusa jeung kuya

Deudeuh teuing nu diapi lain
Guru aya nu nyingkur di sisi gunung, teu embung
Aya nu di pasir di sisi gawir, teu nampik
Guru aya nu di lebak di bungbulang, teu nolak
Asal…. manusa jadi manusa

Deudeuh teuing nu diapi lain
Ti kamari tepi ka kiwari, guru teu nampik mun gajih leutik, teu aral pedah malarat
Tapi guru amarah jeung marudah, mun kaadilan diteundeun dina wadah runtah

Deudeuh teuing nu diapi lain
Lain guru rek jajaluk hayang dipikarunya, tapi hakna tong digunasika
Pangmalutkeun raheutna guru, pangnyekakeun cimata guru…………….
Pangnyekakeun cimata guru

Tidak ada komentar:

Posting Komentar